Rabu, 09 September 2015

ZAMAN PURBA (Pérsi Sunda)

JAMAN PURBA
(Pérsi Sunda – Naskah Wangsakerta)


Salah sahiji sumber nu kungsi aya, nu nyebutkeun ayana jaman Purba, nya éta naskah wangsakerta dina “Pustaka Pararatwan i Bhumi Jawadwipa” nu tulis ku Pangéran Wangsakerta salah saurang putra Panembahan Ratu Carbon, ieu naskah ditulis taun 1677 - 1698 Maséhi. kusabab ieu naskah kawilang penting tur ngungkap rupa-rupa sajarah nu aya di Nusantara, ieu naskah diuji pisik  naskahna taun 1988, hasil uji kimia nandeskeun yén ieu naskah umurna ngan 100 taun. Jadi umur naskahna ngan 1888, tanwandé munculkeun rupa-rupa panghéran dikalangan sajarahwan, dina kajian filologi nu ngonséntrasi kana kajian naskah-naskah kuno, nu ngarana naskah kuno lain ngan saukur naskah nu disebut naskah awal (asli) tapi aya ogé anu disebut naskah turunan (salinan tina naskah saacana).

Numutkeun ieu naskah yén jaman Purba kabagi ngajadi :

  1. Jaman Satwapurusa.
a.      Satwa purusa nu leumpang laksana monyét (1.000.000 – 500.000 SS)
Jaman Satwapurusa ieu dihuni ku manusia nu laleumpangna samodél monyét. Ieu mahluk caricingna dina tatangkalan, acan maraké  pakéan jeung can miboga parasaan samodél manusa kiwari, kulitna hideung jeung baroga bulu. Satuluyna mahluk ieu punah teu nyésa.
b.      Satwapurusa  nu kulitna hideung kabeureum-beureuman (750.000 – 250.000 SS)
Di wilayah séjén di nusa Jawa hirup jenis satwapurusa nu lian,  paripolahna siga manusa, kulitna warna hideung kabeureum-beureuman, remen mamawa pakarang tina batu jeung tulang, maranéhna leuwih pinter tibatanan Satwa purusa nu leumpang laksana monyét.

  1. JamanYaksapurusa.
a.      Manusa Yaksa-1 (500.000 – 300.000 SS)
Jaman ieu dihuni ku manusa Yaksa-raksasa, tabéatna jahat, awakna jangkung badag, kulitna hideung tur mibanda bulu, satuluyna punah.
b.      Manusa Yaksa-2 (300.000 – 50.000 SS)
Saenggeus manusa Yaksa-Raksasa-1 punah, tuluy mucunghul manusa raksasa jenis nu lianna, asal-usulna kurang di pika apal kalawan jelas. Manusa Yaksa jenis ieu awakna leuwih leutik, kulitna henteu hideung tur awakna teu mimanda bulu, manusa Yaksa ieu leuwih pinter tibatan manusa Yaksa-1

  1. Jaman Wāmanapurusa (50.000-25.000 SS) Manusa jaman ieu awakna leutik.  Pakarangna tina batu nu acan sampurna. Hirup di nusa Jawa, ku sang Mahakawi jaman ieu disebut jaman purba madya.
  1. Jaman purwapurusa.
a.       Jaman purwapurusa-1, (25.000 – 10.000 SS). Manusia jaman ieu geus bisa nyieun rupa-rupa pakakas jeung pakarang tiba batu, kai, tulang Jsb.
b.      Jaman purwapurusa-2, (10.000 – 1.000 SS). Manusia jaman ieu geus bisa nyieun rupa-rupa pakakas jeung pakarang nu geus alus jieunanana.

  1. Jaman kadatangan bangsa deungeun.
Bangsa deungeun nu daratang téh ti davrah beulah wétan “nagari Bharatanagari”.  Ku mahakawi jaman ieu katelah Jaman Purba Panungtung. Jaman Purba panungtung ieu kabagi ngajadi lima bagean nya éta:
a.        Antara 10.000 – 5.000 SS
b.      Antara 5.000 – 3.000 SS
c.       Antara 3.000- 1.500 SS
d.      Antara 1.500 – 300 SS
e.       Antara 300 bepi ka awal tanggal Saka.

Satuluyna di iberkeun ngeunaan urang-urang deungeun nu datang ti Singhanagari, Salihwahananagari, tur Bhumi Ghaudi, ti Bharatawarsa (India). Maranehna datang ka nusa Jawa naraék parahu, daérah nu mimitina ditincekna nya éta Jawa Timur, tuluy ka Jawa Barat, ari tujuananana mah  dagang, ngajual jasa ka rahayat pribumi. Maranaéhna marawa barang dagangan mangrupa pakéan, emas, pérak, inten, obat-obatan, jeung barang liana. Satuluyna loba bangsa deungeun nu tumetep teu baralik deui, bangsa deungeun ngajarkeun ageman ka bangsa pribumi, bangsa pribumi nu asalna ogé bangsa deungeun. Bangsa deungeun nu daratang téh lolobana ti wangsa Salankayana jeung wangsa Pallawa ti bumi Bharatanagari  nu di pimpin ku Sang Déwawarman ti wangsa Pallawa.

Sang Déwawarman geus ngajalin kaakraban saacana jeung rahayat nu aya di basisir  Jawa Barat, nusa Apuy, jeung nusa Sumatra bagéan kidul. Sang Déwawarman ngajalain ogé kaakraban jeung pamimpin désa satempat, antukna ngamukim di éta tempat lila kalilaan jadi raja leutik di basisir bagéan kulon Jawa Barat. Déwawarman tuluy kagungan bojo putrana Panghulu Désa, saenggeus ngajadi minantu, satuluyna Panghulu Désa nyérénkeun pamaréntahan ka minantuna taun 52 Saka (130 Maséhi). Nya Sang Déwawarman diistrénan jadi raja. Karajaanna dingaranan SALAKANAGARA, dayeuh kutana dingaranan RAJATAPURA. Inyana boga jujuluk gumelar salaku Sang Prabhu Dharmalokapala Déwawarman Haji Raksagapurasagara, jeung inyana ngajadi raja Nepi ka taun 90 Saka (168 Maséhi).

Hal ieu nu ngajadikeun satuluyna sumebar karajaan-karajaan nu liana, Salakanagara dina sajarah Sunda kacutat salaku karajaan pangkolotna di Nusantara, sedengkeun dina Sajarah Nasional Indonesia (SNI) nu kacutat salaku karajaan pangkolotna téh karajaan KUTAI Kartanagara.

Cutatan :
1.      SS mangrupa wancahan (abréviasi) tina : Saacan Saka
Mimitina taun Saka dina naskah Wangsakerta géjlog 78 taun, heulaan taun Saka

ARTI ZAMAN PURBA JEUNG PURWA

ARTI JAMAN PURBA JEUNG PURWA
(Jaman Purba jeung Jaman Purwa)


Arti Purba jeung Purwa (Jaman Purba-Jaman Purwa)

Dina pangatik kiwari istilah Purba geus ngalaman milega makna, dimana arti kecap Purba dipikaharti salaku “Heubeul” (nu geus lila naker, dina basa Indonésia mangrupa “Masa Lalu yang sangat jauh kurun waktunya”), padahal kecap purba mangrupa kecap tina basa Sansekerta nu artina kawasa, dina kecap Caritaan (Predikat-Kata Kerja) dipikawanoh kecap Murba nu artina nu ngawasa. Jadi nu dimaksud Jaman Purba nya éta jaman kakawasaan karajaan-karajaan baheula, mangrupa ogé kecap panuduh nu nuduhkeun mangsa karajaan nu paling boga kawasa.

Numutkeun engang basa kecap purba, miasal tina kecap : Pa-Ra-Ba, arti kecap-kecap naon “Pa”, naon “Ra”, naon “Ba” kiwari tos leungiteun arti, mung disawalatara panalungtikan masih keneh kapanggih, mihusus dina kecap “Ra” saluyu jeung arti kecap nu kapanggih dina salah sahiji ngaran dewa ti Mesir atawa Yunani kuno nuartina “Panon poé”. Samentara di Sunda sorangan ngan kapanggih dina kecap “Para” nu artina lalangit imah (mikaharti ogé “nu di luhur”).

Satuluyna kecap “Para” robah jadi Pur nu artina nuduhkeun kana hiji patempatan. Dina kamus basa Sunda dipikawanoh arti kecap “Pur” saaksen jeung “Bur” nya éta diantepkeun (kumaha karepna).

Sedengkeun kecap “Ba” nu kapanggih dina basa Sunda mibanda sarua artina jeung Ber/Per (basa Indonésia), sarua jeung “Bi” (basa Arab) mangrupa kecap rarangkén awal. Kaungger dina kecap “Ba-Laga”, “Ba-Langah”, Jsb.  Ngan hanjakal dina kasus kecap PURBA henteu ka tulis Ba-Pur, jadi dina kasus kecap PURBA, kecap “Ba” salaku rarangkén awal jadi gugur.

Kecap “Ba” sorangan sayogyana mibanda arti nu mandiri, saeprti dina kecap : Sam-ba, Tam-ba, Dom-ba, A-ba, Co-Ba, Lo-ba, Jsb. Numutkeun loba kecap anu ditungtungan ku “Ba”, mangka kecap “Ba” bisa boga arti “Sipat/Gén/Garis katurunan/hal anu lengket kana kecap mimitina nu bisa rupa-rupa”. Mangka dina kecap Para-Ba bisa dipikaharti “nu di luhur nu boga pasipatan”, sedengkeun Pur-Ba bisa dipikaharti “diantepkeun kumaha karep satuluyna”

Mangka kuat dugaan kecap Purba sacara makna mibanda harti nuduhkeun kana hiji paristiwa dimana mimiti nyundukna manusa aya di alam dunya, salaku nu boga kawasa pikeun ngungkulan alam dunya kucara kamotékaran/sipat/kamapuan nu aya di jero dirina, di béré kabébasan/kumaha karep jeung petakna. Satulutna manusa mimiti éta ngalahirkeun garis katuruna nu mibanda sipat-sipat tur kamampuan séwang-séwangan nu béda.

Mangka Jaman Purba katelah mangsa dimana mimiti ayanan kakawasan nu di alam dunya. Satuluna identik jeung karajaan nu paling kumawasa tur kakawasaan-kakawasaan karajaan mangsa baheula. Hal ieu saluyu ngan aya bédana jeung kecap “PURWA” purwa sorangan artina anu awal (mimiti), mangka katelah Jaman Purwa, nya éta jaman nu mimiti ngadeg. Bédana “Jaman Purba” jeung “Jaman Purwa” taya lian :
1.      Jaman Purba : ngarujuk kana nu ngeusian mangsa 
2.   Jaman Purwa : ngarujuk kana kaayaan mangsana

Senin, 07 September 2015

ARTI KECAP SUNDA




ARTI kecap SUNDA
(Sacara Basa jeung Makna)


Rupina teu sadayana uninga naon hartosna kecap SUNDA, seueur urang Sunda, boh nu sakola, nu kuliah, tur rahayat sadayana salaku urang Sunda, tapi naliko di taros naon ari Sunda teh, sapalihmah seueur pisan anu teu apal.

Kiwari dina ieu tulisan bade di uningakeun naon hartosna SUNDA, boh sacara Lughawiyah (basana sorangan) atanpi sacara Ma’nawiyah (Defisisi Panafsiran)

Sakumaha ukuran pangatik akademisi mangsa kiwari yén mikaharti kecap mibanda dua perkara nyaéta :
1.      Arti sacara basana sorangan
Sakumaha adegan kecap, yén pikeun mikaharti hiji kecap mudu di pilah-pilah heula, dina basa Sunda dipikawanoh ayana “Engan” basa, naha hiji kecap téh  mangrupa kecap asal nu langsung bisa dipikaharti atawa mangrupa gabungan tina sababara kecap tug nepikeun ku ngalalakona waktu antukna boga arti sorangan.

a.    Arti Sunda dina paengangan kamus basa Sunda
Kecap Sunda minangka kecap nu asalna diwangun ku dua engang : Sun jeung Da
            Sun  : ringkesan tina kecap insun tina basa Jawa artina : Kami/Kuring
            Da   : ... ? (Dina kamus basa Sunda teu ngaboaan arti)
Jadi arti sacara kamus umpama kecap Sunda dibagi engangna mung boga arti “ Kuring Da”

b.    Arti Sunda dina paengangan sora basa
Kecap Sunda minangka kecap nu asalna diwangun ku dua engang: Sa-Na-Da
           Sa    : Sajati
           Na   : Sinar
           Da   : Agung
           Sanada artina (Kasajatian Sinar nu Agung)
           Robah jadi Sunda
           Su   : Muru Kasajatian
           N     : Sinar nu geus ilang
           Da   : Agung
           Sunda artina (Muru Kasajatian Sinar nu kungsi ilang pikeun jadi Agung deui)

Ngeunaan parobahan pananda sora tina “A” jadi “U”, sarta “Na” jadi “N” dina kasus:
“Sa” jadi “Su” (jadi robah arti) tur “Na” jadi “N” (jadi robah arti), di bahas dina bagéan anu séjén kusabab bahasana panjang pisan, ngalibatkeun puluhan kecap, ratusan bahkan bisa nepi ka rébuan kecap.

c.    Arti Sunda salaku kecap mandiri dina basa Sunda
SUNDA, tina kecap “saunda”,  artina lumbung, mikaharti subur makmur
SUNDA, tina kecap “sonda”,  artina alus
SUNDA, tina kecap “sonda”,  artina unggul
SUNDA, tina kecap “sonda”,  artina senang
SUNDA, tina kecap “sonda” artina bagja
SUNDA, tina kecap “sonda”, artina saluyu jeung haté
SUNDA, tina kecap “sundara”,  artina lalaki nu kasep
SUNDA, tina kecap “sundari”, artina awéwé nu geulis
SUNDA, tina kecap “sundara” ngaran Déwa Kamajaya: nu pinuh ku rasa cinta jeung kanyaah
SUNDA artina éndah.

2.      Arti Sunda tina basa-basa séjén
a.    Tina basa Basa Sansakerta
            SUNDA tina kecap  “SUND” artinya mibanda cahaya, caang
            SUNDA mangrupa ngaran Déwa Wisnu
SUNDA ngaran Daitya, nyaéta satria nu mibanda tanaga tohaga dina carita Ni Sunda jeung Upa Sunda
            SUNDA ngaran satria wanara rancingeus dina kisah Ramayana
            SUNDA tina kecap cuddha artina bodas, beresih
SUNDA ngaran gunung baheula nu aya di wewengkon beulah kalér kuta Bandung (kiwari)
b.      Tina basa Kawi
            SUNDA artina “cai”, daérah nu boga loba cai
            SUNDA artina “tumpukan” mikaharti subur
            SUNDA artina “pangkat” mikaharti boga kualitas
            SUNDA artina ”waspada” mikaharti  ati-ati.
c.       Tina basa Jawa
SUNDA artina “nyusun “mikaharti  tartib
            SUNDA artina “ngahiji” ( dua ngajadi hiji) mikaharti hirup rukun
            SUNDA artina “angka dua” (cangdrasangkala), mikaharti saimbang;
            SUNDA, tina kecap “unda” atawa “naék”, mikaharti kualaitas hirupna tuluy naék
SUNDA tina kecap “unda” artina hiber, ngalambung, mikharti  mingkin boga kualitas

3.      Arti sacara Makna
a.       Sunda mangrupa ngaran hiji paradaban di mangsa heubeul
b.      Sunda mangrupa ngaran hiji karajaan di mangsa heubeul
c.       Sunda mangrupa sesebutan pikeun hiji wilayah di beulah kulon Nusa antara
d.      Sunda mangrupa ngaran hiji Ageman “dumeh aya ngaran Sunda Wiwitan” (Kiwari)
e.       Sunda mangrupa sesebutan pikeun hiji étnis di wilayah kulon nusa Jawa (kiwari)
f.       Sunda mangrupa sesebutan pikeun hiji “selat”
g.      Sunda mangrupa ngaran hiji jalan nu aya di kuta Bandung (kiwari)
h.      Sunda mangrupa ngaran-ngaran nu di paké dina rupa-rupa kahirupan budaya kiwari hususna di wewengkon bagéan kulon nusa Jawa, saperti ngaran Rumah makan, ngaran parusahaan, ngaran sakolaan, ngaran universitas, jsb.

Éta panginten arti kecap Sunda, nu janten dadasar pangaweruh kanggo urang Sunda sadayana nu aya di padataran, pagunungan, palebakan tur pasisian basisir dimana waé ayana.