RANGKUMAN
Matéri kelas 8 (Semester-1)
Bahasan “Jenis-jenis Kasenian Daérah”
1. Arti kasenian daérah
Kecap kasenian asalana tina kecap dasar seni artina kaéndahan, tuluy diwwuwuhan ku
rarangkén barung ka-an, jadi
kasenian nuartina rupa-rupa seni. Jadi kasenian daérah nya éta rupa-rupa budaya
anu boga nilai kaendahan nu aya di unggal daérah. Kiwari kecap kasenian
ngalaman ngaheureutan makna, jadi rupa-rupa pagelaran budaya nu sok dieuyeug ku
rupa-rupa kariyaan (raraméan)
diwuwuhan kuayana alat musik, anu ngibing, anu nyanyi jeung sajabana.
2. Jenis-jenis kasenian daérah
A. Dumasar istilah musikna
1) Rumpaka :
kecap pinilih anu dipaké dina
lagu
2) Wirahma :
irama
3) Ngadangding :
nyususn karangan maké pupuh
4) Nembang :
ngawih
5) Rampak sekar :
nyanyi babarengan
6) Anggana sekar :
nyanyi sorangan
B. Dumasar kana waditrana
1) Gamelan degung (bonang, peking, panerus, jéngglong, kendang, suling, goong)
2) Calung (calung melodi, calung penerus, calung bonang, calung
goong, kesek)
3) Kacapi (kacapi siter, kacapai gelung, kacapai rintik)
4) Terebang
5) Dogdog
6) Tarompét
7) Suling
C. Dumasar kana jennis/ngarana
1) Gondang
2) Degung
3) Kacapi suling (cianjuran)
4) Jaipongan
5) Réog
6) Rudat
7) Debus
8) Tarling
9) Kuda rénggong
10) Ronggeng
11) Sisingaan
12) Tolay
13) Cokék
14) Rampak gendang
15) Tagoni
3. Pedaran salah sahiji kasenian daérah
SISINGAAN (Singa Dépok)
Sisingaan téh salah sahiji jenis
kasenian tradisional atawa seni pagelaran rakyat asal Subang anu dilakukeun ku
arak-arakan dina bentuk hélaran. Pagelaranana bisa dipintonkeun dina acara
nyunatan, kagiatan HUT Kamerdékaan RI, jeung kagiatan hari-hari besar séjénna.
Kasenian sisingaan dina sajarahna aya gantar kakaitanana jeung kaayaan rahayat Subang mangsa baheula nu dikawasa ku karajaan Walanda jeung Inggris. Sisingaan anu simbulna bonéka singa ngalambangkeun simbul karajaan Inggris, sarta budak anu naékan singa ngalambangkeun generasi ngora anu keur bajuang ngalawan kaum panjajah
Kasenian sisingaan dina sajarahna aya gantar kakaitanana jeung kaayaan rahayat Subang mangsa baheula nu dikawasa ku karajaan Walanda jeung Inggris. Sisingaan anu simbulna bonéka singa ngalambangkeun simbul karajaan Inggris, sarta budak anu naékan singa ngalambangkeun generasi ngora anu keur bajuang ngalawan kaum panjajah
Alat-alat anu digunakeun dina pagelaranana ngawengku: gotongan sisingaan, tarompét, ketuk, kempul, goong, jeung kecrék. Pakéan pamaénna ngagunakeun pakéan adat Sunda saperti calana kamprét, iket, beubeur, baju takwa, jeung maké sapatu “kelenci”. Ari anu numpakan sisingaanana biasana budak sunat anu maké pakéan sunatan.
Sacara étimologis, sisingaan asal kecapna tina “singa”, nyaéta wangun gotongan anu mirupa singa. Ku naon kudu bentuk singa? Béjana, singa téh sato anu ngalambangkeun kagagahan, kawani, jeung kakuatan.
Ceuk katerangan ahli seni (seniman), seni sisingaan munggaran gelar dina taun 1957 di Désa Cihérang, kira 5 kilométer béh kiduleun Kota Subang. Tuluy mekar ka wewengkon Cigadung jeung wewengkon séjénna di sabudeureun Kota Subang. Tokoh-tokoh anu boga jasa nepi ka kasenian Sisingaan kawentar téh di antarana Ki Demang Ama Bintang, Ki Rumsi, Lurah Jani, Mama Narasoma, jeung Ki Alhawi.
Nepi ka ayeuna, kasenian sisingaan geus mekar pisan tur kacatet aya kira 165 grup kalawan jumlah senimanna 2.695 seniman. Kamekaranana tétéla henteu ngan ukur di wewengkon Subang, tapi geus nerekab ka wewengkon Kabupatén Bandung jeung Sumedang.
Ku lantaran kamekarana siga kitu, keur ngamumulé ieu seni, Pamaréntah Kabupatén Subang teu weléh ngayakeun féstival sacara maneuh jeung mromosikeun ka tingkat propinsi jeung nasional, pangpangna di kalangan pamaréntah jeung dunya bisnis.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar