Minggu, 06 September 2015

SAJARAH KECAP SUNDA

SAJARAH SUNDA
(Kecap SUNDA)

SAJARAH KECAP SUNDA

Salaku urang Sunda, komo nu gaduh kereteg hayang apal kana Kasundaan, kadang sok aya patarosan dina dirina masing-masing, éta keretgteh sapertosna sami ogé jeung nu liana "Timimiti irahanya kecap Sunda téh ayana"?... "Saha numimiti nyiptakeun kecap Sunda" ?... "Kaungger dina titinggal kuno naon waé kecap Sunda téh" ?...

Dina Tulisan ieu badé diwanohkeun dimana waé kecap Sunda téh kaungger dina paninggalan kuno, boh kecap Sunda salaku kecap Sunda, atanapi kecap Sunda nu mibanda aksen béda ti urang jeung bangsa deungeun, sakantenan arti proses basa kabentukna kecap Sunda.

Numutkeun adegan kecap, saumpamana di luyukeun jeung ayana aksara Sunda Kuno nu kiwari katelah aksara “Ka-Ga-Nga”, dimana éta aksara miboga susunan kaaksaraan  :
1.      Aksara Ngalagena/Ngoson (Paéh), dina basa Walanda katelah “consonant” nu jumlahna aya 18 : Ka-Ga-Nga-Ca-Ja-Nya-Ta-Da-Na-Pa-Ba-Ma-Ya-Ra-La-Wa-Sa-Ha
2.      Aksara Mandiri/Moko (Hirup), dina basa Walanda katelah “Vocaal” nu jumlahna aya 7 : a-i-u-e-é-eu-o
3.      Aksara Swara (Pananda Sora), anu jumlahna aya  13
4.      Aksara Wilangan nu jumlahna ti 1 nepi ka 10

Mangka kecap Sunda, bisa mibanda asal kecap : Sa-Na-Da / Su-Na-Da.
Dina taluntikan sajarah nu geus kapanggih yeh anu ngarujuk kana mimiti ayana kecap SUNDA nyaéta :
1.      Peta, Ptolemaeus urang Yunani taun 150 Masehi, dina éta peta katulis ayana kecap “SINDA” kecap Sinda bisa dirujukeun kana kecap Sunda kusabab peta Ptolemaeus ngagambarkeun yén wilayah Sinda ngarujuk kana salah sahiji nusa (pulau/Nagara) nu aya di nusaantara tur bagéan beulah wétan ti India.
2.      Naskah Wangsakerta, nu nyebutkeun, aya ngadeg hiji karajaan nu ngarana Karajaan Sunda taun 669 Maséhi.
3.      Kitab Al-Qur’an, dina Al-Qur’an Surat Al-Munafiqun ayat 4 (63:4). Kecap Sunda nyamuni dina kecap “مسنّدة  “ (Musannadatun), asal kecapnamah “Sa-Na-Da” nu hartosna “Panyéndér”
4.      Kecap-kecap nu mibanda asal kecap nu sarua boh ti basa Sunda sorangan atawa basa bangsa deungeun, saperti : Sin-San-Sun, Ratu Sindu, Jsb.

Dumasar kana sababaraha hal di luhur aya kacindekan nu ku urang bisa dipetik, nyaéta :;
1.      Kecap Sunda geus aya minimalna taun 669 Masehi dimana kecap Sunda,  mangrupa kecap ciptaan anyar, saluyu jeung ngadegna Karajaan nu maké kecap Sunda
2.      Kecap Sunda geus aya saacana mangsa taun 669 Maséhi, numutkeun logika pamakéan basa, yén ngadegna karajaan nu make kecap Sunda, kecapna nyokot ka kecap nu geus aya dina lisan mangsa harita.
3.      Kecap Sunda geus aya saméméh taun 150 Maséhi, dimana urang Yunani ngalisankeun Sunda maké kecap Sinda (Béda Aksen) 
4.   Kecap Sunda geus aya rébuan taun katukang saaca taun maséhi, numutkeun kecap asalna duméh ka historikeun aya dina bagéan Kitab Al-Qur’an

Éta panginten nu jadi dadasar dumasar urang kiwari téh katelah urang Sunda, nu mibanda basa, aksara, budaya jeung sajabina, mugia kapayun langkung kapendak deui, rupa-rupi panimuan nu nambleg ngeunaan kecap Sunda.

Tidak ada komentar: