ARTI kecap SUNDA
(Sacara Basa jeung
Makna)
Rupina teu sadayana
uninga naon hartosna kecap SUNDA, seueur urang Sunda, boh nu sakola, nu kuliah,
tur rahayat sadayana salaku urang Sunda, tapi naliko di taros naon ari Sunda
teh, sapalihmah seueur pisan anu teu apal.
Kiwari dina ieu tulisan
bade di uningakeun naon hartosna SUNDA, boh sacara Lughawiyah (basana sorangan)
atanpi sacara Ma’nawiyah (Defisisi Panafsiran)
Sakumaha ukuran
pangatik akademisi mangsa kiwari yén mikaharti kecap mibanda dua perkara nyaéta
:
1. Arti sacara basana sorangan
Sakumaha adegan kecap, yén
pikeun mikaharti hiji kecap mudu di pilah-pilah heula, dina basa Sunda
dipikawanoh ayana “Engan” basa, naha hiji kecap téh mangrupa kecap asal nu langsung bisa
dipikaharti atawa mangrupa gabungan tina sababara kecap tug nepikeun ku
ngalalakona waktu antukna boga arti sorangan.
a. Arti
Sunda dina paengangan kamus basa Sunda
Kecap Sunda minangka kecap nu asalna diwangun ku dua
engang : Sun jeung Da
Sun
: ringkesan tina kecap insun
tina basa Jawa artina : Kami/Kuring
Da
: ... ? (Dina kamus basa Sunda teu
ngaboaan arti)
Jadi arti sacara kamus umpama kecap Sunda dibagi
engangna mung boga arti “ Kuring Da”
b. Arti
Sunda dina paengangan sora basa
Kecap Sunda minangka kecap nu asalna diwangun ku dua
engang: Sa-Na-Da
Sa : Sajati
Na : Sinar
Da : Agung
Sanada
artina (Kasajatian Sinar nu Agung)
Robah
jadi Sunda
Su : Muru Kasajatian
N : Sinar nu geus ilang
Da : Agung
Sunda
artina (Muru Kasajatian Sinar nu kungsi ilang pikeun jadi Agung deui)
Ngeunaan
parobahan pananda sora tina “A” jadi “U”, sarta “Na” jadi “N” dina kasus:
“Sa”
jadi “Su” (jadi robah arti) tur “Na” jadi “N” (jadi robah arti), di bahas dina
bagéan anu séjén kusabab bahasana panjang pisan, ngalibatkeun puluhan kecap,
ratusan bahkan bisa nepi ka rébuan kecap.
c.
Arti Sunda salaku kecap mandiri dina basa Sunda
SUNDA,
tina kecap “saunda”, artina lumbung, mikaharti subur makmur
SUNDA, tina kecap “sonda”, artina alus
SUNDA, tina kecap “sonda”, artina unggul
SUNDA, tina kecap “sonda”, artina senang
SUNDA, tina kecap “sonda” artina bagja
SUNDA, tina kecap “sonda”, artina saluyu jeung haté
SUNDA, tina kecap “sundara”, artina lalaki nu kasep
SUNDA, tina kecap “sundari”, artina awéwé nu geulis
SUNDA,
tina kecap “sundara” ngaran Déwa Kamajaya: nu pinuh
ku rasa cinta
jeung kanyaah
SUNDA artina éndah.
2. Arti Sunda tina basa-basa séjén
a. Tina basa Basa Sansakerta
SUNDA
tina kecap “SUND” artinya mibanda
cahaya, caang
SUNDA
mangrupa ngaran Déwa Wisnu
SUNDA ngaran Daitya, nyaéta satria nu mibanda tanaga
tohaga dina carita Ni Sunda jeung Upa Sunda
SUNDA
ngaran satria wanara rancingeus dina kisah Ramayana
SUNDA
tina kecap cuddha artina bodas, beresih
SUNDA ngaran gunung baheula nu aya di wewengkon
beulah kalér kuta Bandung (kiwari)
b. Tina basa Kawi
SUNDA
artina “cai”, daérah nu boga loba cai
SUNDA
artina “tumpukan” mikaharti subur
SUNDA
artina “pangkat” mikaharti boga kualitas
SUNDA
artina ”waspada” mikaharti ati-ati.
c. Tina basa Jawa
SUNDA artina “nyusun “mikaharti tartib
SUNDA
artina “ngahiji” ( dua ngajadi hiji) mikaharti hirup rukun
SUNDA
artina “angka dua” (cangdrasangkala), mikaharti saimbang;
SUNDA,
tina kecap “unda” atawa “naék”, mikaharti kualaitas hirupna tuluy naék
SUNDA tina kecap “unda” artina hiber, ngalambung, mikharti
mingkin boga kualitas
3. Arti sacara Makna
a. Sunda
mangrupa ngaran hiji paradaban di mangsa heubeul
b. Sunda
mangrupa ngaran hiji karajaan di mangsa heubeul
c. Sunda
mangrupa sesebutan pikeun hiji wilayah di beulah kulon Nusa antara
d. Sunda
mangrupa ngaran hiji Ageman “dumeh aya ngaran Sunda Wiwitan” (Kiwari)
e. Sunda
mangrupa sesebutan pikeun hiji étnis di wilayah kulon nusa Jawa (kiwari)
f. Sunda
mangrupa sesebutan pikeun hiji “selat”
g. Sunda
mangrupa ngaran hiji jalan nu aya di kuta Bandung (kiwari)
h. Sunda
mangrupa ngaran-ngaran nu di paké dina rupa-rupa kahirupan budaya kiwari
hususna di wewengkon bagéan kulon nusa Jawa, saperti ngaran Rumah makan, ngaran
parusahaan, ngaran sakolaan, ngaran universitas, jsb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar